Salurkan Zakat, Infaq, Shadaqah dan Wakaf anda ke ZISWAF al-Muhajirin

Panitia Renovasi Masjid Al-Muhajirin

renovasi Masjid Al-Muhajirin ke Bank Syariah Mandiri KCP Jatinangor an. Panitia Renovasi Al Muhajirin Nomor Rekening 1000-555-777

iklan

jazakamullah ahsanal jaza' semoga Allah SWT akan membalas kalian dengan balasan yang terbaik. aamiin yaa robbal 'alamiin...

Senin, 31 Maret 2014

Ujian Iman

UJIAN IMAN


Urang sadaya tos pada mafhum yen kondisi iman urang teh tara stabil tapi sok labil, dina harti sakapeung ngandelan sakapeung ngipisan. numutkeun Rosulullah Yazidu wayankusu, sakapeung nambahan sakapeung ngurangan. Kusabab kitu perlu urang neangan jurus-jurus jetu kanggo miara sareng ngajaga kondisi iman urang supaya tetep istiqomah. sakurang-kurangna nyaho kalemahan iman urang teh palebah mana jeung dina sektor naon, supaya gampang ngubaranana. 
margi lamun urang tos nyebatkeun iman, pasti baris diuji ku Allah nepi kamana kualitas iman urang. Datangna bisa ti indung, ti bapa, ti anak ti pamajikan atawa ti sobat. naha ku kasenengan atawa ku katunggaraan, naha ku kadigdayaan hirup nyaeta harta, tahta atawa manita. Sabab tilu kadigdayaan eta anu jadi udagan sarerea.
أَحَسِبَ النَّاسُ أَنْ يُتْرَكُوا أَنْ يَقُولُوا آمَنَّا وَهُمْ لَا يُفْتَنُونَ
"naha jelema teh nyangka yen maranehna bakal diantep sanggeus nyebutkeun "abdi tos iman" bari jeung moal diuji?" (al-ankabut: 2)
ujian jeung kahirupan mangrupakeun paket anu teu bisa dipisahkeun. Lamun urang hayang hirup kudu siap diuji, tapi lamun teu siap diuji ulah hayang hirup. Tantangan hirup anu pangbeuratna nyaeta nyanghareupan godaan, boh godaan internal anu geus aya dina diri urang nyaeta hawa nafsu, atawa eksternal anu datang ti luar nyaeta syetan, boh syetan ti golongan manusa anu puguh jentulna, atawa ti golongan jin anu tara bungkeuleukna. 

Jurus anu sederhana pikeun nyanghareupan godaan syetan : Kahiji, kudu apik neangan batur gaul. kadua,kudu yakin yen urangteh bakal hirup diakherat. katilu, kabungah jeung kasusah kudu jadi ladang amal. kaopat, tanjebkeun niat anu kuat, tekad anu mantep.
Saenyana godaan syetan pangbeuratnamah nyanghareupan ajakan hawa nafsu anu ngancik dina diri urang masing-masing,anu disaurkeun ku Rosulullah jihad akbar. numatak sababarahakali al-Qur'an ngawanti-wanti : 
وَلَا تَتَّبِعِ الْهَوَىٰ فَيُضِلَّكَ عَنْ سَبِيلِ اللَّهِ ۚ إِنَّ الَّذِينَ يَضِلُّونَ عَنْ سَبِيلِ اللَّهِ لَهُمْ عَذَابٌ شَدِيدٌ بِمَا نَسُوا يَوْمَ الْحِسَابِ
"jeung omat ulah ngagugu kana ajakan hawa nafsu, sabab hawa nafsuteh bakal nyasabkeun maneh tina jalan Allah. Satemena jalma-jalma anu kasasar tina jalan Allah baris meunang siksa anu kacida beuratna, sabab maranehna poho kana poe balitungan". (As-saad: 26).
Nabi Adam oge anu parantos dijejelan ku elmu masih tisoledat, atuh komo deui pantaran urang. Tapi bedana teh ari Nabi Adam mah tisoledatna ngan sakali, tuluy anjeuna tobat. Ari urangmah balas tisoledat, tapi teu tobat-tobat. 

Kulantara kitu urang kudu leuwih waspada, perlu mibanda keterampilan memenej pribadi. kanggo ngokolakeun potensi karunia illahi yaeta hawa nafsu, qolbu, sareng akal. malah kudunamah sagala kagiatan pangwangunan digerakkeun dikadalian ku kaimanan.
Iman baris ngalahirkeunK kahiji, kajujuran, contona nalika Sayidina Umar bin Khatab nyamar ngolo budak angon supaya ngajual domba anu diangon kumanehna. tapi eta budak nolak, pokna: "kuring isin ku Allah, sabab domba ieu teh lain milik kuring, Sanajan dunungan kuring moal apaleun lamunmah kukuring dombana dijual. Kadua, Optimisme, anu dicontokeun ku Siti Hajar. sok sanajan awalna dianggap mustahil, piraku aya cai ditengah padang pasir, tapi berkat parjoangan Siti Hajar yang tidak mengenal lelah, akhirna Allah Nu Maha Rahman ngadatangkeun sumur zam-zam. Katilu Kaikhlasan, anu dicontohkeun ku hiji karyawan perkebunan anu marabkeun tilu potong roti ka anjing anu kalaparan, padahal manehna sorangan ge keur lapar. Akhirna eta budak jadi merdeka, kebon korma dihibahkeun jadi milikna, kitu ganjaran tina kaikhlasan. Mudah-Mudahan iman urang beuki kuat, elmu beuki ningkat, amal beuki hebat, sarta dibarengan ku ngadu'a teu pegat-pegat. 
Wallahu'alam bisshowab...     

Tidak ada komentar:

Posting Komentar