Salurkan Zakat, Infaq, Shadaqah dan Wakaf anda ke ZISWAF al-Muhajirin

Panitia Renovasi Masjid Al-Muhajirin

renovasi Masjid Al-Muhajirin ke Bank Syariah Mandiri KCP Jatinangor an. Panitia Renovasi Al Muhajirin Nomor Rekening 1000-555-777

iklan

jazakamullah ahsanal jaza' semoga Allah SWT akan membalas kalian dengan balasan yang terbaik. aamiin yaa robbal 'alamiin...

Senin, 03 Maret 2014

Konci Kabagjaan Hirup

Konci Kabagjaan Hirup

Aya dua hal utami anu didawuhkeun ku Nabi Muhammad SAW., mangrupa konsep hirup, ajaran Islam anu sederhana, hampang, gampang, enteng. kalimatna singket eusina padet, kecap-kecapna sederhana, tapi maknana pohara agungna, basana simpel mudel pepel, pondok betekok nyokok. "Afsus salam washilul arham". sebarkeun salam jalin silaturhmi, lamun konsep hirup ieu dilaksanakeun, kamakmuran, kaamanan, sareng kabagjaan baris tinekanan, situasi bakal senang ngahenang ngahening, tiis ceuli herang mata, dimana wae urang aya moal aya kahariwang jeung kamelang.
Sabenerna kanggo masyarakat urangmah ucapan salam teh tos ngabudaya, tegesna ibadat nu geus jadi adat. tapi hanjakal antara ucapan jeung kanyataan masih keneh patukang tonggong, jauh panggang dari api. Padahal dina eta ucapan teh ngamuat tilu du'a anu kacida pentingna sarta dipikabutuhna ku urang sadaya, yaeta: kahiji salamet, kadua rahmat, katilu barokah.
teu aya hiji jalma anu kumelendang dijagat raya anu teu butuh ku salamet. Rengse sholat urang ngadu'a menta salamet, Allohumma anta salam waminka salam wailaika ya'udu salam sareng saterasna. nyakitu deui lamun urang pasarandog atawa rek papisah jeung hiji jalma, pasti sok meungkeut heula jangji pasini anu kedal kana letah marengan rasa ku ngucapkeun salam. Anu hartina silih amankeun, bari kenging ridho Allah SWT.
Anu kadua, rahmat, yaeta karunia illahy anu hadlir tanpa upaya manusa. misalna hiji jalma keur stres sabab rek nyaba katinggaleun kareta api. tapi barang manehna meunang beja yen kareta anu rek ditumpakan teh tiguling, kakara manehna sadar bari ngucapkeun subhanallah, astaghfirullah, inget kana Firman Allah SWT.

وَعَسَى أَن تَكْرَهُواْ شَيْئاً وَهُوَ خَيْرٌ لَّكُمْ وَعَسَى أَن تُحِبُّواْ شَيْئاً وَهُوَ شَرٌّ لَّكُمْ وَاللّهُ يَعْلَمُ وَأَنتُمْ لاَ تَعْلَمُونَ
anu hartina : "bisa jadi anu dipikangewa ku maneh teh leuwih alus pikeun maneh. jeng bisa jadi anu dipikaresep ku maneh justru goreng pikeun maneh. mungguh Allah mah Maha Uninga sedeng maraneh teu nyaraho" (QS. 2:216)
Anu katilu, Barokah, hartina nilai tambah. di urang sok disebut barekat. Nepi ka aya sisindiran "balakatiktrik balakacomrang, beuteung mutiktrik barekat meunang" tegesna menang kauntungan ganda. lir ibarat tutuwuhan anu dipelak dina tanah lendo. jadina alus, buahna mulus, didahar teu putus-putus, rahayat teu kukulutus. saeutik mahi loba walatra, banyak tidak berlebih sedikit tapi cukupl siuk dengdeng siuk langgeng, sanajan disiuk tuluy-tuluyan caina teu orot-orot. numatak pantes Nabi Nuh oge nalika disalametkeun tida bencana banjir teh ngadu'a : 
وَ قُلْ رَبِّ أَنْزِلْني‏ مُنْزَلاً مُبارَكاً وَ أَنْتَ خَيْرُ الْمُنْزِلينَ
anu hartina: "Jeung pok omongkeun: Nun Gusti, mugi Gusti ngalungsurkeun abdi ditempat anu barokah, margi Gusti teh anu maparin tempat turun anu pangsae-saena" (QS 23:29)
Konsep silaturahmi dina Islam teh nyaeta salamet jeung nyalametkeun, senang jeung nyenangkeun. Dina Al-Qur'an parantos ditegeskeun "innamal mu'minuuna ikhwatun" saestuna jalma-jalma anu ariman teh eta dulur (QS 49:10). didieu katinggal awal ayatna innama, tungtuna ikhwatun sanes ihwanun. hartina pikeun negaskeun sarta negeskeun yen sasama mu'min mah kadia dulur sakandung pet ku hinis. 
Numatak asa racleng tai ceuli lamun nguping umat Islam pagetreng, nepi ka pegat silaturahmi, tina alatan beda partai, etamah dijamin asup ka naraka. sedengkeun kauntungan dina silatuhami tos jelas, umur panjang, rejeki deukeut. tapi pegat silaturahim, istilahna cilaka duabelas. haram asup kasawarga, teu diaku umat nabi, rejeki ngajauhan, cilaka ngadeukeutan.
jadi sakumaha alusna dina hablun minallah tapi lamun goreng dina hablun minannas, eta cilaka. hebat dina ibadah mahdhoh tapi goreng dina ibadah goer mahdhoh. eta oge diancam ku naraka. Tapi lamun satingkah saparipolah geus nincak kana papagon agama jeung darigama eta anu disebat kashalehan sosial. numatak loba musuh saurang loba teuing, sobat sarebu masih kurang. musuh saurang matak cape, sobat sarebu matak salse jeung tibra sare.
Tetela anu jadi konci kabagjaan hirup teh singhoreng silaturahmi. 
wallahu'alam bisshowab,,,  

1 komentar: