Salurkan Zakat, Infaq, Shadaqah dan Wakaf anda ke ZISWAF al-Muhajirin

Panitia Renovasi Masjid Al-Muhajirin

renovasi Masjid Al-Muhajirin ke Bank Syariah Mandiri KCP Jatinangor an. Panitia Renovasi Al Muhajirin Nomor Rekening 1000-555-777

iklan

jazakamullah ahsanal jaza' semoga Allah SWT akan membalas kalian dengan balasan yang terbaik. aamiin yaa robbal 'alamiin...

Senin, 27 Januari 2014

Indung anu ngandung bapa anu ngayuga



Indung anu ngandung bapa anu ngayuga
Mangga urang ngarandeg heula sakedap, nafakuran diri, timana urang teh nya asal, dimana ayeuna ngancik, rek kamana engke indit, jeung naon bawaeun balik. Alquran tos mere tadzikarah yen satiap jalma “kudu merhatikeun diri sasadiaan pikeun balik kaakherat”-walatanzhur nafsun maqoddamat lighod (QS al-hasyr;18). Pasti urang bakal ngarenjag, rus-ras loba kainget, jauh narawang ka alam anu katukang, nalika urang masih uyak-uyek dina alam rahim.
Salapan bulan urang aya dina jero beuteung indung. Salapan bulan indung urang lara tunggara, barang dahar samar kahayang, sare teu bisa tibra, nyangigir nyeri nangkarak engap, nagkuban teu bisa. Gubrag urang ka alam dunya, indung urang ngalempreh cape, urut pahiri-hiri jeng nyeri, hujan cimata, guyang kesang, mandi getih. Tapi barang nguping koceak sora urang anu munggaran, justru anjeuna imut ngagelenyu lir madu bari ngucapkeun Alhamdulillah, lantaran bungah nempo anak geus kaluar langsar salamet, kanyeri kapeurih lengit ilang tanpa karana.
Beurang peuting urang dikelek diongkled, dirungrum jeung disusuan, dibelaan kuru cileuh kentel peujit. Dipepende kuayun-ayun, diusapan, bari dipirig ku hariring nelengnengkung nelengnengkung, geura gede geura jangkung, geura sakola ka bandung, geura miaraan indung. Kitu kadeudeuh jeung kawedi asih nu jadi indung, estuning clik putih clak herang, teu aya aral subaha, ikhlas, ridho ngabelaan nu jadi anak pujaan hate.
Kamelang anu jadi indung, kahariwang anu jadi bapa teu pegat-pegat, sanajan mangsa balita geus kaliwat. Datang mangsa rumaja, indung bapa siap siaga, bisi nu jadi anak kabawa ku sakaba-kaba. Lamun aya galagat anu kurang hade, indung bapa leuwih rancage. Sabab lamun geus kalalanjoan bakal hese ngomean. Kaliru dina gaul pasti hirupna amburadul, salah dina milih babaturan bisa kacilakaan. Numatak panon indung-bapa leuwih rancingeus.
Sihoreng hirup urang timimiti lahir nepika kiwari teh ngaliwatan proses anu panjang, nu teu lepas tina pangaping jeung pangjaring nu jadi indung bapa. Numatak kacida lamun jelema poho kana kanyaah bapa, kacida teuing lamun nu jadi anak pho kanu kadeudeuh indung. Kacida dorakana lamun anak geus ngajaheutan hate nu jadi bapa, kacida teuing lamun hate indung gudawang reheut kupolah nu jadi anak.  Arasy bisa oyag akibat doraka anak kanu jadi kolot. “robbigfirli, wali waalidayya warhamhuma kama rabbayaani sogiiro” nun gusti mugi gusti ngahapunten kana dosa abdi sareng dosa indung-bapa abdi, sareng mugi gusti mikawelas ka aranjeun sapertos aranjeun mikawelas ka diri abdi nalika abdi keur leutik.
Indung anu ngandung bapa anu ngayuga. Indung tunggul rahayu, bapa tangkal darajat, maksudna indung anu mere kasalametan, bapa anu mere kamulyaan. Numatak ceuk ahli  “lamun budak goring akhlakna tanyakeun kaindungna, tapi lamun budak bodo teu bisa sakola tanyakeun ka bapana”.
Lamun kiwari indung anu ngaberejelkeun urang kadunya teh yuswana tos tunggang gunung, ceuk sare’atmah tos ampir maghrib. Pamenteuna tos rumeuk, kulitna tos pareot, papahna tos teu ajeg,. Nyakitu deui bapa, tos ropoh, batuk-batuk, sorana tos ngaharoshos. Ieu the tafakuraneun, gening sakumaha gagahna nu disebut jelema, paribasa lalaki langit lalanang jagat, jago tinju, juara karate, lamunmah ditakdirkeun panjang umur, pasti bakal jiga kitu. Dina hiji waktumah boro-boro bisa nonjok batur, ngangkat leungeun sorangan ge teu kaduga. Jiga indung bapa jeung aki nini urang ayeuna.
Numatak lamun urang keur ngora boga pangkat jeung kakawasaan, kade ulah mokahaan, sabab kakawasaan teh ngan sakedeng. Kagagahan, kakasepan, kageulisan teh ngan sajorelat. Hirup diudag-udag ku waktu anu tara datang dua kali. Satingkah saparipolah waktumah teu bisa pukah, keur gawe, keur sare, keur istirahat, siwaktu tuluy ngukuntit. Kusabab  lamun waktu jeung kasempetan diantep ngaliwat, teu dimangfaatkeun pikeun amal anu optimal, kacida rugina. Allah parantos sumpah ku waktu, satemena kabeh jelema teh rugi, kajaba jalma anu produktif ngamangfaatkeun waktu pikeun silih bantu silih elingan dina jalan bebeneran jeng amal soleh.
Wal ashri, innal innal insanna lafi khusrin, illa ladzina amanu wa’amilush-sholihati watawa shobil haqqi wa tawa showbish-shobr.
“demi waktu, satemena manusa teh bener-bener aya dina karugian, kajaba jalma-jalma anu airman tur ngamalkeun amal sholeh sarta silih nasehatan ku kabeneran jeung silih nasehatan kana kasobaran”
Da lamun mah tungtungna hirup didunya teh ngan saukur nepi ka paeh, teu aya deui kahirupan diakherat, asanateh keu kudu make nguruskeun amal sholeh sagala. Tapi kusabab hirup didunya sementara, dunya sakadar tempat ngaliwat, percaya atawa henteu, akherat pasti datang, ku urang pasti kasorang. Kusabab bageur jeung bener minangka bagian tina kasolehan lain keur batur tapi keur urang sorangan, bekel hirup didunya ayeuna oge bawaeun ka akherat engke.      

3 komentar:

  1. sae pisan artikelna, ku basa sunda janten langkung tiis kana manah......

    BalasHapus
  2. Nuhun pisan ..kena pisan papatah teh ..hatur nuhun .. sukses terus kangge nu bgadamel ieu blog

    BalasHapus
  3. Alhamdulillah wa sukurillah rupina masih keneh aya anu wawakca kana sunda sim kuring ngaraos bingan amar wata suta bingah ka giri-giri masih keneh anu kersa ngamumule basa sunda ,pamugi urang sunda langkung ngagem yen basa sunda basa anu kalintang endahna saupamina ku urang dimumule
    Wass

    BalasHapus